Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Peribahasa Sunda Berawalan Abjad K Dan Artinya

Berikut ini yaitu peribahasa sunda yang diawali dengan abjad K lengkap dengan artinya yang sanggup anda temukan dalam bahasa sunda, supaya bermanfaat dan sanggup membantu anda dalam pencarian arti peribahasa sunda.




Kabeungbeurat dada : Tanggung jawab

Kabawa ku sakaba-kaba : Kapangaruhan atawa kabawakeun ku batur nu teu pati eucreng

Kabedil langit kabentar gelap : Kalinglap ; pangling

Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak : Runtut raut ; rukun

Kacanir bangban : Meunang kaera ; mendapat malu

Kaceluk ka awun awun : Kamashur ; Mashur, Sangat terkenal

Kaciwit kulit kabawa daging : Kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah ; ikut terbawa alasannya yaitu keburukan teman.

Kajeun kendor dapon ngagembol : Kajeun lila asal hasil

Kapiring leutik : Kaisinan ; mendapat malu

Katempuhan buntut maung : Ngagantian kasusah batur

Katuliskeun jurig : Asal heureuy jadi enyaan

Kawas anjing jeung ucing : Sok parasea bae

Kawas bangkong katuruban batok : Bodo ; bodoh, sangat bodoh

Kawas beusi atah beuleum : Rupana geuneuk talenta ku ambek ; Raut wajah yang sangat marah.

Kawas gang katincak : Ngadadak simpe sapada harita.

peribahasa sunda yang diawali dengan abjad K Peribahasa Sunda Berawalan Huruf K dan Artinya


Kawas gula jeung peueut : Silih asih

Kawas jogjog mondok : Recok-cekcok.

Kawas nu dipupul bayu : taya tangan pangawasa.

Kebo mulih pakandangan : balik ka lembur sorangan sabada lila ngumbara.

Kokolot begog : ngomong teu merenah kawas kolot.

Kokoro manggih mudlud, puasa manggih lebaran : kokomoan, barang dahar, makmak.

Kokoro nyoso malarat rosa : Jelema nu kacida malaratna.

Kulak canggem bagja awak : Milik hade atawa goreng geus ditangtukeun ku Gusti nu Maha Suci.

Kurang jeujeuhan : Kurang itungan ; kurang berhati-hati atau kurang perhitungan.

Kurang saeundan : Rada gelo.

Kuru cileuh kentel peujit : TIrakat; ngurangan sare jeung dahar karena aya nu dimaksud.


Demikianlah peribahasa sunda berawalan abjad K yang sanggup saya bagikan, supaya bermanfaat bagi anda dalam pencarian peribahasa sunda dan artinya baik dalam arti bahasa sunda maupun dalam bahasa Indonesia.


Sumber http://www.satubahasa.com

Post a Comment for "Peribahasa Sunda Berawalan Abjad K Dan Artinya"